Wednesday, May 17, 2017

CONTOH SUSUNAN ACARA PERPISAHAN SMK



Assalamualaikum, wr.wb.
MUKODIMAH

Hadirin Hormateun simkuring
Langkung tipayun sumangga urang panjatkeun puji kalih syukur  ka Alloh SWT, sholawat miwah salam mugia tetep dilimpahkeun ka jungjunan alam kangjeng  Nabi Muhammad  SAW. Alhamduliiah dina ieu kasempetan urang sadaya tiasa kempel di ieu tempat ,dina raraga mungkas  taun atikan 2016-2017 SMK Al Husna Cisaga.
Anu salajengna, simkuring salaku panata acara, seja ngadugikeun rundayan acara nu baris dipedar dina danget ayeuna di antawisna acara ka :
1.      Bubuka anu dilajengkeun kana aosan ayat suci Al- Quran anu insya alloh bade didugikeun ku kersana (Ajeungan Asep Rosyid, S.Pd.I).
2.      Laporan asmana panatacaragara.
3.      Pangjurung laku ti asmana Pupuhu Widang Atikan SMK Al Husna Cisaga.
4.      Pageularan ti murangkalih kelas 11 nyaeta tari kipas
5.      Saucap samngeum ti asmana Pupuhu Yayasan Al Husna.
6.      Saucap samngeum ti asmana Komite SMK Al Husna Cisaga.
7.      Pageularan ti murangkalih kelas 10 nyaeta Qosidah.
8.      Saucap samngeum ti kersana Bapak Camat atanapi anu ngawakilkeun.
9.      Saucap samngeum ti kersana Bapak Kepala Desa Mekarmukti atanapi anu ngawakilkeun.
10.  Pageularan ti murangkalih kelas 10 + 11 Farmasi Ngawi kelangkang.
11.  Saucap samngeum ti kersana Widang Vatikan Kabupaten Ciamis atanapi anu ngawakilkeun.
12.  Upacara paturay tineung kelas XII
13.  Saucap sanggeum ti asmana wawakil siswa kelas XII nu baris ngantunkeun ieu widang atikan
14.  Saucap samngeum ti kersana wawakil ti orangtua siswa kelas XII
15.  Saucap samngeum ti kersana wawakil ti murangkalih kelas 10-11.
16.  Doa /tutup.
17.  Hiburan anu diwuwuh ku pintonan kaparigelan murangkalih.
Hadirin Hormateun simkuring
Supados teu nyangkolong kana waktos sumangga ieu acara urang pitembeyan ku ‘aosan basmallah sasarengan.
“BISMILLAHIRROHMANIRROHIM”
Acara salajengna nyaeta aosan ayat suci Al- Quran, anu baris digalindengkeun ku kersana (Ajeungan Dudung) ka kersana (Ajeungan Dudung) sumangga dihaturanan.
Hadirin Hormateun simkuring
Alhamdulillah, ayat-ayat  suci Al- Quran renggse digalindengkeun, anu dipamrih pamugi fadillah tina aosan nunembe sing ngajantenkeun hiji amal ibadah khusus kanggo nu ngaoskeun umum kanggo urang sadaya anu sami-sami ngadangukeun..amin ya robal alamin.
Hadirin Hormateun simkuring
            Acara anu salajeungna nyaeta ngawihkeun lagu Kebangsaan Indonesia Raya, Hadirin sadayana dihaturanan tatih.
Hadirin sadayana dihaturanan calik deui..

Hadirin Hormateun simkuring
Acara nu salajeungna, mangrupi laporan ti asmana ketua acara nutup taun mungkas atikan 2016 – 2017 SMK Al Husna Cisaga, ka kersana Ibu Ati Maria, ST sumangga dihaturanan.
Hatur nuhun ka kersana Ibu Ati anu parantos ngadugikeun saucapsanggeumna..
Hadirin Hormateun simkuring
Nincak acara salajengna nyaeta pangdeudeul lisan ti kersana pupuhu Sakola, ka kersana Bapa Dr. Wawan Wahyudi, M.Si. sumangga dihaturanan…
Hatur nuhun kakersana pupuhu sakola anu parantos ngadugikeun saucap sangeumna, anu saupami diwincik salah sawiosna mangrupikeun pangjurung laku kasiswa siswi kelas XII.
Hadirin Hormateun simkuring
            Sateuacan sambutan anu sanesna, mangga urang sadaya nyaksikeun pageularan ti murangkalih SMK AL HUSNA CISAGA khususna panampilan ti kelas 11 keperawatan nyaeta tari kipas. Mangga waktos sinareung tempat tos disayogikeun..
Hatur nuhun ka murangkalih kelas 11 keperawatan anu parantos tampil.
Hadirin Hormateun simkuring
Acara salajengna masih mangrupi pangdeudeul lisan ti asmana pupuhu Yayasan Al Husna, nu dipihormat kersana bapa drg. Henang Agniya sumangga dihaturanan.
Hatur nuhun ka kersana pupuhu Yayasan Al Husna anu parantos ngadugikeun saucapsanggeumna..
Hadirin Hormateun simkuring
Nincak acara salajengna nyaeta pangdeudeul lisan ti asmana Pupuhu Komite SMK Al Husna Cisaga, ka kersana Bapa Maman Hidayat. sumangga dihaturanan..
Hatur nuhun ka kersana pupuhu komite sakola anu parantos ngadugikeun saucapsanggeumna..
Hadirin Hormateun simkuring
            Sateu acan nincak acara salajengna, mangga urang sadaya nyaksikeun pageularan ti murangkalih SMK AL HUSNA CISAGA khususna panampilan ti kelas 10 Farmasi nyaeta Qosidah. Mangga waktos sinareung tempat tos disayogikeun..
Hatur nuhun ka murangkalih kelas 10 farmasi anu parantos tampil.
Hadirin Hormateun simkuring
Pangdeudeul lisan anu salajengna tikersana Bapa Camat Cisaga atanapi anu ngawakilkeun, ka kersana Bapa Camat, sumangga dihaturanan.
Hatur nuhun ka kersana Bapa Camat Cisaga atanapi anu ngawakilkeun anu parantos ngadugikeun saucapsanggeumna.
Hadirin Hormateun simkuring
Nincak acara salajengna nyaeta sambutan ti Bapak Kepala Desa atanapi anu ngawakilkeun. sumangga dihaturanan.
Hatur nuhun ka kersana bapak kepala desa mekarmukti anu parantos ngadugikeun saucapsanggeumna..
Hadirin Hormateun simkuring
            Sateuacan sambutan anu sanesna, mangga urang sadaya nyaksikeun pageularan ti murangkalih SMK AL HUSNA CISAGA khususna panampilan ti kelas 11 duet sareung kelas 10 Farmasi (Widya+Dita) nyaeta bade Ngawi kalangkang. Mangga waktos sinareung tempat tos disayogikeun..
Hatur nuhun ka widia sareung dita anu parantos tampil.

Hadirin Hormateun simkuring
Salajengna nyaeta pangdeudeul lisan,ti kersana pupuhu widang atikan kabupaten Ciamis, atanapi anu ngawakilana, sumangga dihaturanan.
Hatur nuhun ka kersana pupuhu Pupuhu Widang Atikan Kabupaten Ciamis atanapi anu ngawakilana, anu parantos ngadugikeun saucapsanggeumna.
Hadirin hormateun simkuring
`Nincak kana acara inti nyaeta upacara paturay tineung  kelas XII SMK Al Husna Cisaga..kanggo mupuhuanan ieu acara kusimkuring disanggakeun ka kersana rengrengan seni SMK Al Husna Cisaga.
Hadirin Hormateun simkuring
Nincak acara salajengna nyaeta sambutan ti wakil wisudawan. sumangga dihaturanan.
Hatur nuhun ka kersana wakil wisudawan kelas 12 anu parantos ngadugikeun saucapsanggeumna.
Hadirin Hormateun simkuring
Nincak acara salajengna nyaeta sambutan ti wakil orangtua siswa kelas 12. sumangga dihaturanan.
Hatur nuhun ka kersana wakil orangtua wisudawan kelas 12 anu parantos ngadugikeun saucapsanggeumna.
Hadirin Hormateun simkuring
Nincak acara salajengna nyaeta sambutan ti wakil siswa kelas 10 sareung 11. sumangga dihaturanan.
Hatur nuhun ka kersana wakil siswa kelas 10 sareung 11 anu parantos ngadugikeun saucapsanggeumna.
Hadirin Hormateun simkuring
            Nincak acara salajeungna nyaeta doa, anu bade diaoskeun ku bapak ajengan Dudung.
Hatur nuhun ka kersana ajengan dudung anu parantos manjatkeun doa, mudah-mudahan doa urang sadayana dikobul, amin...
Hadirin Hormateun simkuring
Runtuyan acara tikawit dugi ka akhir parantos rengse, sateuacan singkuring undurdiri,  salaku panata acara, tinangtos salami mupuhuan ieu acara seueur kaireug katangingeuhan, kukituna simkuring neda agung cukup lumur tawakup anu kasuhun.
Hadirin Hormateun simkuring
Upami tadi ieu acara dikawitan ku aosan “Basmallah” sasarengan,sumangga ieu acara urang pungkas ku ‘aosan Hamdalah sasarengan
“ALHAMDULILLAHHIRROBIL’ALAMIN”
Hadirin Hormateun simkuring
            Salajeungna acara Kreasi Seni anu bade dipimpin ku Ibu Dewi Dimayanti, S.Si.
Cukup wae ti panata acara, mangga urang tutup wae ku...
Wabilahhitaufik waldidayah Wasalamualaikum wr,wb.

No comments: